Senin, 16 Juni 2008

Istiqomah Dina Pagawean Anu Dipikacinta ku Alloh

KH. Abdul Aziz Affandy

Tina sapalih tanda diri, aya dina tempat anu ditetepkeun ku Alloh, tegesna lain tina tempat anu salah ceuk Alloh nyaeta dimana-mana urusan dina ibadah (agama), kasalametkeun oge dina urusan kahirupan (dunya) kabiayaan.
Anu kabeneran hirup seperti tadi, tong salah sangka yen anu keur dipigawe teh salah, balikta lakukeun eta pagawean kalawan saestuna tur jadikeun pikeun ladang amal ka Alloh SWT.Teu kanyahoan anu dilakukeun ku urang kiwari, jauh tina cita-cita anu baheula, kunaon aya di kaler padahal leumpang teh nyukcruk ka kidul? Cita-cita anu kapungkur teu kalaksanakeun, kapungkur anu dicita-citakeun jadi ajengan, naha jadi tukang gorengan?
Situasi keur kieu dimodifikasi (dipake kesempatan) ku syetan ku ngarahkeunna syetan ku ilustrasi bahwa yen ieu teh anu keur karandapan lain anu sanyatanya (sementara). Sahingga teu aya kasungguhan dina ngalakukeun anu keur karandapan, nu jadi tukang dagang teu sungguh-sungguh dina dagangna.
Padahal dina buktina rangkaian anu keur karandapan lain anu sementara, tapi ieu anu karandapan anu ngudukeun ka urang supaya sungguh-sungguh.Lamun rek dipariksa darah maka kudu aya alat paragi tensina, jang naon? Supaya boga kapastian yen ieu puyeng teh tina panyakit maag atawa darah tinggi, atawa budak panas, kudu aya termometer (alat paranti ngukurna), sabaraha derajat panasna?
Supaya kaluar tina kawaswasan anu eta kawaswasan dibangun ku syetan didedetkeun kana pikir jeung rasa urang supaya urang hirup teu puguh juntrung jauh tina kakuduan ceuk Alloh. Maka mushonnif kitab masihan barometer ka urang, keur naon? Supaya apal anu keur dipigawe ku diri eta bener tawa teu ceuk Alloh? Da aya bener aya siga bener, lamun siga pisan eta artina lain pisan, jiga monyet, artina eta anu disarupakeun lain monyet.
Dina masalah ieu ulama ahli sufi masihan barometer keur nganyahokeun urang ayeuna, naha aya dina kahirupan anu bener, atawa aya dina anu salah? Cirina urang geus bener menepati aturan ti Alloh nyaeta ; Dimana-mana Alloh nempatkeun dina hiji pagawean tapi eta pagawean teh salamet agamana jeung salamet darigamana, lamun salamet eta anu dua (agama & darigama), maka eta anu alus mungguh Alloh.
Min iqoomatillahi hirup anjeun kituna teh ditempatkeun ku Alloh. Anu jadi Kiai ulah hayang jadi tukang dagang, anu jadi tukang dagang ulah hayang jadi PNS, anu jadi PNS ulah hayang jadi wiraswasta, anu jadi tukang bajigur ulah aya bahasa "sementara we jadi tukang bajigur sambil nungguan panggilan gawe.
Mudah-mudahan urang bisa syukuran kana naon perkara anu dibikeun ku Alloh, Amiin ya Robbal Alamin

Tidak ada komentar: