Jumat, 13 Juni 2008

SAKUR MANUSA ANU DILAHIRKEUN ETA DINA KAAYAAN BERSIH

KH UMAR NAWAWI
Wawadahan anu bersih palay awet bersihna teu kenging dilebetan ku perkawis anu kotor. Sanaos palay awet bersihna upami dilebetan ku perkawis anu kotor, eta wadah pasti kabawa kotor.
Ari asalna Manusa eta Makhluq anu bersih. Sakumaha pidawuh Rosul SAW. :

كُلُّ مَوْلَوْدٍ يُوْلَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ
Nanging seueur kajantenan, manusa ka palih dieunakeun janten kotor, pasti karana dilebetan ku anu kotor. Supados awet bersihna maka berusaha teu kenging aya kokotor anu lebet, anu dilebetkeunnana kedah anu serba bersih.
Conto; otak palay bersih, lebetan ku elmu Alloh! Sabab Elmu Alloh mah

اَلْعِلْمُ نُوْرُ اللهِ
Badan palay bersih (bersih haqiqi) teu kenging digunakeun kana salian ibadah ka Alloh! Hate palay bersih, lebetan ku kabersihan Alloh!
Urang ngadamel tamtsil (conto) hiji wadah (gelas), kawitna wadah teh bersih, dilebetan ku cai anu bersih, awet bersihna. Tapi pami dilebetan ku cai kotor, ieu wadah kabawa kotor. Malahan pami wadah bersih sering dilebetan ku anu kotor sanajan dibersihan saterusna oge, tetep sok aya nyangsang nempel kokotor.
Cara anggoan bersih (bodas), sering-sering eta anggoan kageutahan sanajan disabunan ku sabun anu matak ngahilangkeun geutah (bayclin), angger moal bersih pisan, angger aya nempel tilas geutah dina eta anggoan anu bersih.Manusa ku Alloh diciptakeun mangrupakeun makhluq anu bersih. Sakumaha pidawuh Rosul SAW. :

كُلُّ مَوْلَوْدٍ يُوْلَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ“
Sakur anu dilahirkeun (Manusa) eta dina kaayaan bersih”Anu kadieuna jadi Abu Jahal, keur dilahirkeun mah bersih. Nu kadieuna jadi Fira’un, keur dilahirkeunna mah fitrah (bersih). Tapi pedah naon Manusa ka palih dieunakeun sok jadi kotor terutami kotor hate? Sabab sering teuing dilebetan ku anu kotor.
Otak Manusa teh bersih tapi kadang-kadang sok timbul dina otak teh timbul kalang-kabut pikiran (kalangkang kabutuh) nepika timbul sirah teh rieut, beuki tambah kokotor kana sirah, beuki tambah rieut. Tapi upami sirah diasupan ku nu bersih ku Elmu Alloh,

اَلْعِلْمُ نُوْرُ اللهِ“
Elmu teh Cahaya Alloh”Nyaeta Elmu kaagamaan, otak urang moal kotor. Ku akibat seueur teuing Elmu anu dilebetkeun kana pemikiran jeung kana otak, pemikiran urang nepika otak teh linglung. Kadang-kadang aya otak teh bingkeng, kadang-kadang aya jalma nepika stress, kadang-kadang aya jalma nepika struk. Akibat otak pemikiranna terus-terusan dikotoran.
Tapi pami dilebetan ku Elmu Alloh, Santri diasupkeun kana otak pemikiranna teh Elmu Alat; ti mimiti Jurumiyah nepika Jam’ul Jawaami’, pami fiqihna; ti mimiti Safinah nepika Roudloh, Tuhfah. Ti mimiti kitab pangletikna nepika kitab panggedena, sanajan terus-terusan moal aya kokotor dina otak.
Tapi sok aya paribasa cenah Santri keur nalar jadi kagegeloan. Punten eta gelona teh lain akibat tina nalar, tapi ku mikir anu sejen dina waktu keur nalar. Sim kuring di dieu (waktos masantren) nalar Jurumiyah ngan ukur saminggu, Shorof ngan ukur 15 poe, ari kopeah nomber 3. Sim kuring sanes takabur tapi tawadlo’ da sirahna letik, teu pernah sim kuring gelo. Naon sababna? Salamina sirah diasupan ku nu bersih. Ku Nurulloh.
Badan urang palay bersih? anggota badan palay suci? Moal kotor pami sadidinteunna ibadah ka Alloh. Teu aya kabejakeun jalma anu getol sholat jadi lencangeun, teu aya kabejakeun jalma nu getol wudlu kekeongeun. Tapi kotor badan, loba daki lain ku wudlu, lain ku adus, lain ku mandi, tapi awak dikotoran ku kokotor-kokotor.
Sok coba hate asupan ku Hiqdu, salamina ngunek-ngunek, kana romantika jadi ngurangan, kana bahasa jadi ambek-ambekan, kana gawe teu puguh pamolah, sabab dieusian ku Hiqdu. Eusian hate ku Riya, salamina hayang kaawehkeun teu purun kaelehkeun, salami hayang dipuji teu purun dicaci, sabab hatena diasupan ku Riya.
Tapi pami diasupan ku Subhanalloh mung Alloh nu Maha Suci, hate moal bisa kotor.Sim kuring khususna, umumna ka jama’ah. Urang belajar, baca jenengan Alloh, asli bersih tong dikotoran, otak tong dikotoran, badan tong dikotoran, hate tong dikotoran! Sabab isukan nyanghareup ka nu Maha Suci era kudu mawa nu kotor Nau`dzubillah.
Jaga ning esok bakal menghadap Alloh nu Sangat Suci, lamun urang mawa kokotor kacida isinna payuneun Mantenna

Tidak ada komentar: