Jumat, 13 Juni 2008

Nyukuran Ni'mat ti Alloh

KH ABDUL AZIZ AFFANDY

Sikap manusa kana ni'mat anu ditarima ku dirina :
1. Anu bisa ngalap manfa’at tina eta ni’mat
2. Teu bisa ngalap manfa’at bahkan dirina kabawa ku fitnah ni’mat
Bisa atawa teu bisa ngalap kamanfa’atan, syareatna kumaha pembuktian dirina dina ngupayakeunnana, saperti moal bisa ngalap manfa’at mun teu apal timana eta ni’mat, moal apal timana hakekat eta ni’mat lamun can bisa pisah jeung salian nu mere ni’mat.
Langkah awal pikeun bisa ngalap manfaat tina ni’mat, sing bisa ngabuktikeun hiji waktu pikeun sagala anu aya di diri wungkul pikeun mayun ka Alloh.
Dimana Alloh nepikeun ni’mat ka manusa boh dunya atawa diniyyah. Conto ni’mat dunya saperti awak sehat, kasab lancar, kulawarga sejahtera, hutang lunas. Conto ni’mat diniyyah saperti ibadah ngarasa betah, karasa ni’matna tho’at.
Jalma anu bisa nampa eta ni’mat kabagi dua bagian :
1. Cerdas pikiran
2. Cerdas kajiwaan
Sabab aya anu cerdas pikirannana tapi bodo kajiwaannana, jalma anu cerdas pikiran mah dimana-mana aya nu mere ni’mat pasti bakal berfikir kudu mulang tarima ka nu mere eta ni’mat.
Jalma anu cerdas kajiwaan mah lamun aya nu mere ni’mat bakal prak migawe mulang tarima (syukuran) ka nu mere eta ni’mat, Ilustrasina caangna ruangan ku pedah dibuka jandelana tapi hakekatna lain ku pedah dibuka jandelana balikta ku sabab ayana cahaya panon poe.
Pang bodo-bodona jalma anu pola pikirna netepkeun caang dina ruangan ku pedah jandelana muka, ngeuweuhkeun cacaang cahaya panon poe, nyakitu deui pang bodo-bodona jalma anu diwowoy ku Alloh ku rupa-rupa ni’mat tuluy manehna teu ngarasaeun sabab Alloh can pernah nyabut kana eta kani’matan, conto dibere sehat huntu tapi teu ngarasa boga huntu sehat sabab Alloh can pernah mere ngasaan nyeri huntu nepika manehna poho ka Alloh anu mere huntu sehat.Supaya urang bisa ngarasa ngeunahna eta ni’mat, urang kudu bisa Ihtisabunnafsi anu buahna urang bakal tiasa manggihkeun hakekat saha anu mere ni’mat.
Mudah-mudahan urang dijadikeun ku Alloh jadi jalma anu cerdas pikiran tur cerdas kajiwaan. Aamiin.

Tidak ada komentar: