Kamis, 12 Juni 2008

SUNNATULLOH ANU TUMIBA KA HAMBA-HAMBANA

KH ABDUL AZIZ AFFANDY

Sunnatulloh (kabiasaan Alloh) ngageroan ka hamba-hambaNa pikeun aribadah ka Alloh ku dua cara :
1. Anjeunna ngagero ku maparin kalaluasaan rizqi, angger sehat.
2. Ngageroan ku jalan nurunkeun kamadharatan (cocoba).
Pangna kitu sabab jiwa manusia kabagi 2 :
1. Jiwa-jiwa anu marulya pikeun anjeunna digero ku Alloh ku kalaluasaan rizqi.
2. Jiwa-jiwa anu dipoyok, maranehna digero ku Alloh ku balai (kamadharatan).
Pikeun urang sing cekas panempo ati dina nalika dipaparin kalaluasaan rizqi atawa nampa balai, tegesna duanana eta teh kanyaah ti Alloh keur urang sebagai hambaNa.

PENJELASAN :
Jalma anu resep kana wayang merhatikeun kana pawayangan teh lain ku pedah ningali kayu nu usik, sabab ningali kayuna mah teu aya bedana. Pasti anu ngaran Cepot nu awakna begang jeung beungeutna beureum, anu beuteungna bucitreuk jeung warnana hideung eta mah Semar ngarana.Tapi nu jadi daya tarik jeung barometer "ieu wayang alus" lain pedah alus wayangna tapi maha alus anu ngadalangna.
Lamun anu ngadalangna teu bisaeun mah sok sanajan wayangna alus moal matak pikaresepeun. Tapi sok sanajan wayangna butut ari anu ngadalangna alus mah, melaan teu sare jang lalajo eta pagelaran wayang.Kitu deui warna-warni Taqdir anu karandapan ku diri urang sewang-sewangan. Kadang hirup teh bungah, hate tenang, awak sehat, usaha lancar.
Tapi kadang-kadang hirup teh susah, awak geringan, sawah ku hama, dagang tinggal daki.Pikeun mu'min anu sajati moal kapangaruhan ku pait jeung amisna cobaan. Anu dimaksud ku moal kapangaruhan di dieu anjeunna cekas yen datangna eta Taqdir aya anu ngadalangna nyaeta Alloh anu ngadatangkeun sagala perkara pasti aya hikmahna, anu mana fungsina nalika dibere nugraha urang kudu syukuran sabab Alloh ngadawuh dina surat Ibrohim ayat tujuh :

“Jeung sing inget! Nalika Alloh ngagero; "Sabenerna lamun anjeun syukuran, pasti Kami rek nambahan (nikmat) ka anjeun, jeung lamun anjeun ingkar (kana Ni’mat Kami), Sabenerna adzab Kami leuwih banget".
Fungsina dibere imtihan (cocoba) urang kudu istighfar.
Saur imam Abu Madyan "Geus jadi Sunnatulloh, Alloh ngagero ka hambaNa pikeun aribadah ku dua cara :
1. Anjeunna ngagero ku maparin kalaluasaan rizqi, dibere cageur. Cageurna jadi wasilah keur jalan syukuran ka Alloh. Alloh ngageroan kalaluasaan rizqi khusus pikeun jalma anu boga nufusul karimah (jiwa-jiwa anu marulya) tegesna elingna teu kudu dipaksa.
2. Anjeunna ngagero ku kamadharatan. Dibere gering supaya geringna jadi eling ka Alloh jeung kana dosa anu nimbulkeun istighfar.
Alloh ngagero ku kamadharatan khusus pikeun jalma anu boga nufusul la’imah nyaeta anu elingna kudu dipaksa ku dibere cocoba.Teu saeutik jalma dibere ni'mat tapi kalah jadi kufur ni'mat, teu saeutik jalma dibere imtinan tapi kalahkeun kufur. Tapi kufur jeung teu kufurna eta mah kumaha urangna.Mudah-mudahan urang kaasup hamba Alloh anu “bagja eling - lara eling” keur meunang kabungah inget ka Alloh, keur meunang ka susah oge inget ka Alloh. Aamiin yaa Alloh yaa Robbal 'aalamiin.

Tidak ada komentar: