Rabu, 25 Juni 2008

Husnusdhon ka Alloh



KH. Jaja Abdul Jabbar



Di antara kawajiban pikeun jalma anu Mu’min nyaeta Husnuddhon lillah, hartosna alus sangka ka Alloh. Aya sababaraha cara pikeun ibadah ka Alloh :
1. Ku jalan ngama’rifatkeun kana Sifat jeung Asma Alloh.
2. Ku jalan nafakuran ni’mat-ni’mat ti Alloh anu parantos dipasihkeun ku Anjeunna.
Cara anu ka dua mangrupakeun cara anu panggampangna dilakukeun ku sarerea.
Di antawis kawajiban hate anu kudu dipimilik ku Muslim yaeta alus sangka ka Alloh dina papasten anu hadena (cocok jeung kahayang) sareng dina papasten anu awonna (anu teu cocok jeung kahayang).Pasti di balik eta aya hikmah dimana kamaslahatannana balik deui kana diri pribadi anu ngarandapannana.
Ulah rek boga sangka goreng ka nu Maha Suci dina situasi anu kumaha bae, rek jembar atawa henteu pokona naon bae anu ditibakeun ku Alloh ka diri pasti aya hikmah jeung kamaslahatannana asal urang bisa nandeannana.Moal aya hiji kajadian anu tiba ka diri kajaba aya shirotna, teu meunang aya jiwa su’uddlon ka Alloh. Lamun alus sangkana ka Alloh maka takdir anu tumiba kana diri bakal ngeunah, lamun goreng sangka ka Alloh maka taqdir anu tumiba ka diri bakal goreng.
Menurut penelitian ahli jiwa, naon anu aya dina pikiran bakal terjadi. Lamun anu dipikirkeunna hade maka bakal hade. Maka tetep tawakal ka Alloh sabab naon bae anu aya dina pikiran eta bakal mempengaruhi kana kaayaan husnuddlon ka Alloh, anu mana eta teh kedah dijaga.
Carana aya dua :
1. Ku jalan ngama’rifatkeun Sifat-sifat sareng Asma Alloh. Alloh teh anu Maha Rohman anu berarti sagala perkara anu tumiba ka diri timbul tina Sifat Rahman jeung Rohimna Alloh. Paling henteu tindakan kolot kanu jadi budak lamun didasarkan ku rasa nyaah sok sanajan dijiwir, ku balas dasar nyaah jadi we maslahat eta budak sanajan ngarasa diteung-teuingan ku nu jadi kolotna. Kitu deui hamba anu teu bener maka dimana-mana dibere takdir ku Alloh anu kurang pas jeung kahayang manehna maka bakal ngarasa diteung-teuingan ku Alloh. Manusa mah lamun keur sangsara ibadahna sok getol, tahajudna getol, sholatna getol. Berarti eta ciri elingna ka Alloh ku jalan dibere heula cocoba ku Alloh. Hisi ngarasakeun nyaah ti Alloh terutama dimana menang tindakan ti Alloh.
2. Nafakuran anu geus dipidameul ku Alloh ka diri timimiti lahir, naha urang tina rahim ibu mawa sawah ? tah rizqi jeung sagala rupana Alloh anu bakal nanggung jawabna,doraka hukumna dimana-mana urang su'udlon ka Alloh.Urang sebagai hamba Alloh wajib husnudhon ka Alloh anu kudu dijaga ku salah sahijina anu dua ieu.Mudah-mudahan urang salalawasna aya dina rahmat Alloh SWT. Amiin.
');
//-->


Anda harus menjadi member untuk memberikan komenar

Tidak ada komentar: