Rabu, 25 Juni 2008

Sifat Manusa


KH. Khoeruman Azam


Aya dua sifat anu moal bisa leupas tina diri manusa. Aya sifat anu dipuji ku Alloh (Mahmudah), aya sifat anu dipoyok ku Alloh (Madzmumah).Sifat anu dipuji ku Alloh diantarana :
1. Tawadu’,
2. Khusyu’ dina ibadah,
3. Ta’dhim li amrillah,
4. Hifdu,
5. Khauf,
6. Ikhlas dina ibadah.
Ieu mangrupakeun sifat anu ngadeukeutkeun diri jeung Alloh.
Sifat anu dipoyok ku Alloh diantarana :
1. Takabur,
2. Ujub,
3. Riya,
4. Sum'ah,
5. Hikdu,
6. Hasud,
7. Hubbul jah,
8. Hubbul mal.
Sifat ieu mangrupakeun sifat anu ngajauhkeun diri jeung Alloh.
Sifat Mahmudah mangrupakeun sifat anu dipuji ku Alloh, sifat Madzmumah mangrupakeun sifat anu dipikabendu ku Alloh anu timbulna tina nafsu sarta geus jadi watek syetan.
Diantara sifat Madzmumah nyaeta
Ujub, anu hartina ngangken diri bakal jadi ahli surga.
Riya, hartina ngalakukeun pagawean akherat anu dasarna lain ibadah ka Alloh tapi karna aya motif anu sejen tegesna ngan saukur nganteur kahayang wungkul.
Sum’ah, ku pamolahna hayang tenar, terkenal ku lapisan masyarakat.
Hikdu, nyimpen persengketaan dina hate, dendam, keuheul lamun can kabales, jauh tina rasa deudeuh kanu keuheul, resep kanu milaraan.
Hasud, teu betah lamun batur narima nugraha ti Alloh, kahayangna nugraha anu aya di batur leungit.
Hubbul jah, kaleledna hate cinta kana akherat sabab condong cinta kana komara, pangkat, jeung kadudukan.
Hubbul mal, sagala tingkah laku paripolahna ngan saukur karna harta.
Ieu sifat mangrupakeun sifat anu kotor, anu ngabutuhkeun kana pembersih, lamun henteu diubaran pasti bakal leuwih jauh ti Alloh.
Urang sebagai hamba Alloh kudu diajar miboga sifat Mahmudah, ngan moal bisa urang miboga sifat Mahmudah lamun sifat Madzmumah henteu dipiceunan heula, da otomatis lamun sifat Madzmumah leungit maka sifat Mahmudah bakal aya dina diri urang, lamun jalma geus boga sifat Mahmudah maka kanyaah Alloh bakal salawasna tumiba ka diri sabab Alloh mikacinta ka jalma anu boga jiwa Tawadlo, boga jiwa Khusyu’ ibadah di payuneun Alloh, boga jiwa Ta’dhim ngagungkeun kana parentah Alloh tegesna parentah Alloh henteu dianggap sapele saperti angin liwat, boga jiwa Ikhlas ngalaksanakeun parentah Alloh, ngajauhan sagala larangannana, teu aya anu dipiharep kajaba Ridlo Mantenna.
Jalma anu geus boga jiwa Mahmudah dimana datang panggero ti Alloh“Fayaqulu laka : yaa ‘abdi...”maka bakal tepi kana ati sanubarina jeung hatena bakal ngarti kana lelembutan hate anu datangna ti Alloh bari ngajawab :“Labbaika ya Alloh” abdi ridlo dipiwarang ku Gusti, abdi ridlo ngalaksanakeun sagala parentah sareng ninggalkeun sagala larangan ti Gusti,“Watakunu shodikon fi ijabatika”.Konsekuensina sagala pamentana, cita-citana bakal diijabah ku Alloh bahkan anu teu dikeretegkeun oge Alloh langkung uninga.
Mudah-mudahan urang salawasna aya dina Kersa sareng Ridlo Mantenna. Aamiin ya Robbal‘alamin.

Tidak ada komentar: